Tuesday, October 23, 2012

Sora hawar nu datangna ti tungtung kaler kidul kulon jeung wetan, ngaguruh pating jelegur aya balad tantara nu jangkung badag, genjlong saamparan jagat
Bungkus injuk kuta bubuay, awak hideung jangkung badag mawa parang mata saralak, inggeung jagat mapag wirahma
Mun jaga maraneh jadi pamingpin, kudu mibanda jiwa wibawa, komara, jeung langkahna panceg dina giri jaladri, surta pawaka, nu kitu disebut jiwa agung, adil paramarta
Tiis ibun ampih pikir nyaho ka badan pribadi, tangtu nyaho ka-Islamanana. Sing karasa sing kapanggih, ari anu tujuh lawang jadi ratu, aya dina diri

No comments:

Post a Comment